Dongeng & Cerpen: Surat ti Sakola

Srangenge meletek meupeuskeun langit ngagareuwahkeun celak-celak bentang timur di beulah wetan, manuk sapu jeung tikukur patembalan pating corowok pagorok-gorok tikoro, piit bondol pating jarerit, cukahkeh tingkoceak bangun bungah mapag beurang. Beurang nu geus kasawang bakal rea pakasaban nu bakal kasorang marengan panonpoe sabeubeurang mapay alam nepi ka lingsir di belah kulon.

Najan hirup di kampung lembur nyingkur sisi gunung jauh ka bedug hirup teu bodo-bodo acan, Abah Uhul, Ma Ijem jeung anaknya si Sujang teu katinggaleun jaman dina urusan pendidikan mah. Manehna sakola di SD Inpres nu pernahna di tungtung kampung leuwih ti sakilo jauhna ti Bale Desa, teuing kumaha mimitina wangunan Sakola bet diwangun di lebah dinya jauh kaditu kadieu. Padahal mun dititentan tanah tukangeun Desa lega saablag-ablag taya nu boga anu cenah di klem milik pamarentah diantep bala, malah mindeng kabejakeun loba jalma nu manggihan oray sanca.

Unggal isuk rebun-rebun si Sujang jeung sababaraha urang babaturanana malah aya diantarana nu masih katalian dulur jeung menehna tuturubun mapay galengan meuntasan catang muru sakola. Jauhna lalakon ti imah indit ngajugjug ka sakola geus teu jadi halangan keur maranehna indit isuk mulang beurang meh deukeut ka tengah poe estuning geus jiga jalan kacai ngagiridig hambalan nincak galengan jeblog ledok sakapeung sok matak kotor kana papakean.

Abong budak lampahna sok rupa-rupa kadangkala pikaseurieun sakapeung sok pikasebeleun kitu jeung kitu unggal poena, mun baralik sakola budak nu geus kelas lima atawa kelas genep mah sok rajeun taruluy ngarit atawa ngala pangpung keur pisuluheun ngabelaan ngudar baju saragem pakeeun isukna sakola deui. Malah mah sababaraha budak anu kolotna kurang tulaten tur jorok mah pakean saragem teh diseuseuhna aya nu nepi ka saminggu sakali, tada teuing kuled jeung bauna.
“Sujang, geuwat parabkeun jukut meunang cikeneh teh eta domba reang hayang nyatu!” kadenge sora indung si Sujang ti tepas nu keur pak-pik-pek beberes merenan pakakas nu balatak urut Abah barangjieun. Si Abah dipipir jongjon nyampay-nyampaykeun daun kawung dipoe dina pager awi nu geus reyod bari sakapeung melenyun udud semu samutut pinuh ku haseup tina bako tampang jeung dun kawung jieunana.

“Sujang geura dahar kaituh, tah jeung hulu peda sesa bapa sia dina tetenong!”, jengerna sora Ema meupeuskeun lamunan si Sujang nu keur nyorangkeun ka peuntas ngabayangkeun kahirupan meureun dan siga nu anteb ngalamun.

Jung manehna nangtung muru ka pawon bari teu talangke deui leungeuna ngalogodor nyukil sangu, animprek gigireun hawu anteng nyocolan hulu peda pogot bangun semu ponyo bubuhan tiisuk can kararaban nanaon pisan.

“Heueuh Jema teu karasa si Sujang geus kelas lima nya?!”, sora Abah nu gagah ngagebah Ema nu keur napian catu buruh mantuan panen H. Bada tatanggana. “Ih ari si Sabah ngareureuwas kami keur napian. Heueuh matak oge sakeudeung deui naek ka kelas genep, isuk pageto kudu ningkat sakolana ka SMP, nya rek timana piduiteunana
Sabah?” “Ah…montong kudu sakola ka SMP sagala rupa, tuh dulur Pak Ulis di dayeuh oge kalahka di barengkos ku pulisi gening meunang sakola salila-lila di paguron luhur teh”. “Aeh puguh we kapan juragan Engkos mah kabejakeun kurupsi ngakan duit rahayat cenah ceuk beja mah”, Ema nempas bari jongjon napian pare catu. “Heueuh nu matak si Sujang mah teu kudu sakola luhur-luhur bisi kurupsi, heug ngaringkuk di pangberokan, mending kieu we hirup mah tumaninah ieuh”.

Poe salasa sakumaha biasana si Sujang balik sakola tuluy ngarit, atuh sanepina ka imah teu elat maraban domba tuluy manehna oge dahar jeung urab cangkang sampeu olahan Ema sisi hawu. Sarengse dahar si Sujang ngudar baju nu geus kucel bubuhan geus leuwih ti saminggu can manggih sabun, da saban poe oge diseuseuh mah diseuseuh di kuyahkeun dina solokan sisi sawah dipoekeun dina dapuran awi, garing sabot ditinggalkeun ngarit najan sakapeung kotor dipodolan piit. Kusiwel ngaluarkeun amplop surat tina saku calana beureumna nu meh sarua kucel teu sirikna geus ampir robet, song ngasongkeun surat ka Ema, “ Ma tah surat ti pak Guru Irin”, ceuk si Sujang bangun dareuda sieun eusi surat meulit dirina, da biasana mun meunang surat ti sakola mun lain tagihan bayaran sakola paling-paling surat ngabejaan lalampahan goreng budak di sakola.

Derekdek surat dibaca ku Ema bangun daria sanajan sakola ukur lulusan SR Ema jeung Abah estuning palinter sok komo ngan saukur maca dalah ngitung raraban jeung eusi paririmbon wae apal cangkem ditalar diluar kepala ceuk basa kiwari mah. Teu kungsi lila katempo rey beungeut Ema beureum semu euceuy huntu kekerot siga nu naham kaambek. Gantawang ngawakwak nyarekan surat lak-lak dasar bari lung di alungkeun ka hareupeun Abah. “ Tah Sabah baca surat ti Guru si Sujang, meni asa teungteuingeun abong ka jalma teu gambleg”.

Abah ngarongkong nyokot surat, sarua pinterna Abah oge kana urusan maca, ngitung, jeung ngapalkeun eusi paririmbon mah nomer wahid majarkeun teh cenah. Da eta we Abah mah apal kana sagala rupa kingkilaban nu nembongan boh nu patali jeung kaayaan diri manusa sarupaning kekerenyedan dampal leungeun nepi ka eusi impian, harita oge basa si Sujang ngimpi meunang lauk emas gede diramal ku abah pibakaleun meunang duit gede bener we isukna si Sujang manggih duit dina baju kampret Abah lima welas rebu sihoreng duit ladang ngajual hayam kumahkar nu Ema. Atuh pon kitu deui urusan anu patali jeung nu baris kajadian di alam mayapada ieu apal alatan ngapalkeun pituduh tina paririmbon. Wallahu bener atawa henteuna mah da kitu nu salila ieu sok katitenan, jeung nu sok dipilampah ku kolot di lembur.

“Paingan indung sia ngadat Sujang!”. “Ari kitu, kunaon Bah?”. “Tah baca ku maneh!”

“Kahatur Ema Sujang di rorompok. Pamugi kauninga Sujang teh tos dua dinten ieu awakna bau kacida, kumargi anggoanana tara diseuseuh, waos tara disikat, buuk tara diangir, awak tara ibak, suku tara disapatu ukur make kaos kaki belewuk. Anu ngabalukarkeun rerencangan anu aya disagigireunana kaganggu diajarna kumargi bau awak Sujang. Rupina sakitu nu kapihatur ti sim kuring. Haturan guru Sujang Pun Irin”. Kurang leuwih kitu eusi eta surat teh, sanggeus beres maca surat si Sujang ukur mesem seuri koneng.

Ema nu ti tatadi ngaleos asup ka tepas katempo keur ngagutrut nulis bari semu raga keuheul, lambeyna luway-liwey nuturkeun tungtung patlot dina dua ramona.

“Sujang bikeun tah surat balesan ti kami ka guru sia!” “Heug ma”, tembal si Sujang teu kebat kaburu disampeur si Ohing ngajak ulin ka pasir bari rek ngala asem nu keur meujeuhna kumipung di kebon Ki Salu, ngeunah mun di rujak atawa dicocolkeun kana uyah bari sikina digayem majarkeun teh ambeh teu haseum teuing jeung mo matak linu kana huntu sakapeung sok ngagayem dauna ubar kesed ngahindar nyeri beuteung.

Isukna sakumaha biasana si Sujang jeung barudak nu sejena rebun-rebun geus ngaleut arindit Sakola teu poho surat balesan keun Pa Guru ditangkelkeun dina tilepan buku nu ngan hiji-hijina dina jero kantong nu dijieun tina karung tarigu bodas nu geus kucel nyurup jeung pangawakanana.

“Pak guru, ieu serat ti Pun Biang mugi katampi”, ceuk si Sujang sanepina ka Sakola bari popoyongkodan hormat ka Guru Irin.

Teu kungsi malire beungeut si Sujang derekdek surat dibaca anu unina: “ Kahatur Jang Guru Irin di Sakola. Surat geus dibaca ku kuring, tur kaharti pisan eusi eta surat teh. Mugi Jang Guru uninga Si Sujang indit ka Sakola LAIN KEUR DIAMBEUAN TAPI KEUR DIAJAR”!!!!

Tinggalkan Balasan

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s