Carpon: “EUIS…”

Ku : Ridwan Sigit
Teuing kumaha mimitina harita taun 1988, kuring boga kabogoh satilu-tilu Euis batur sakelas di Darul Hikam Bandung estuning geugeut pisan ka kuring. Kataji ku geten jeung daria pisan mun ngurus urusan kuring timimiti merhatikeun dahar, pangajaran, nepi ka masalah beberesih di kamar kost tempat kuring jeung sababaraha urang babaturan lalaki nganjrek. Malahan mah pakean seuseuheun sakapeung sok dibawa ka imahna mun poe saptu atuh poe minggu pasosore dianteurkeun deui pakeeun poe Senen bari sok pirajeunan mawa dahareun satambruan tara ieuh kasoro ku babaturan nu sejen da maranehna mah sok marulang ka lemburna sewang-sewangan si Dodo ka Cianjur, Dedeng ka Cibodas Lembang, iwal ti kuring jeung si Jatno urang Cilacap nu arang mulang mah. Enya, kitu soteh si Jatno mah pedah jauh kituna teh majarkeun teh olok ongkos mending dipake jajan sesana ditabungkeun ka ibu kost keur jaga-jaga cenah, ari kuring mah nya kitu tara boga duit keur ongkos-ongkos acan da puguh jalma teu boga atuh sakola oge bubuhan kolot kuring maksakeun pedah kuring keukeuh hayang sakola, da mun seug inget kana kaayaan kulawarga di lebur sok sedih hate teh ari ras ka adi-adi mangkaning opatan keur naraon maranehna di lembur sakanyaho kuring ti baheula oge kulawarga kuring mah can pernah dibere duit keur bekel jajan da puguh sakola teh ukur opat ratus meteran ti imah mun menta keur jajan kalahka sok di gelendeng ku pun biang teh majarkeun teh mun wanci istirahat sakola lapar mah balik we dahar sing gede teu kudu jujan-jajan sagala.
Beda pisan jeung kuring nu cicing di Kota da ilahar di kota mah gening barudak sakola teh teu weleh marekel duit boh keur ongkosna boh keur jajan teu sirikna pagede-gede, pon kitu deui kuring ku pun bapa sok dibere duit mingguan anu gedena sapuluh rebu rupia, tapi mindeng tara nepi ka saminggu kakara tilu poe oge geus beak kadituna ngegel curuk mun ninggali batur jarajan teh kuring mah cicing we di kelas tara ieuh kaluar sajabaning ti era teh pan aya Euis anu teu weleh sok maturan bari tara elat mawa rantang sangu katut deungeunana. Tapi tara paduduaan di kelas teh da teu meunang paduduaan di tempat hara-haraeun kitu aturan sakola di Darul Hikam mah, nya sok dibarengan ku Kardiah jeung Cucu Romlah babaturan sabangku Euis. Maranehna ngarti pisan ka kuring duaan mun keu silih huapan maranehna tara lemek tara nyarek malah sakapeung mah sok rada ngabalieurkeun beungeut mun kuring keur rada cunihin ngadeukeutkeun biwir ka beungeut Euis, sanajan can kungsi keuna dan era rek nyium teh bisi aya nu nyerangkeun ti kajauhan.
Mun pareng Euis teu asup sakola kulantaran gering da ari ijin mah tara batan ijin teu asup sakola sanajan sakumaha perluna mending maksa sakola ambeh panggih jeung kuring si buah hatenana kitu Euis kungsi nyarita ka kuring malah mah mun ukur rieut atawa panas tiris ge sok maksakeun sakola sieun kalingeuteun bebene kitu kuring duaan patali jangji, iwal mun keur murus nyeri beuteung Euis atawa kuring ge tara maksakeun sakola sok sieun kaburusutan di kelas. Sok inget ka adi-adi kuring mah biheung dibarere duit ku pun biang da mun pareng balik ka lembur teh sok galecok nyaritakeun kaayaan di lembur salila ditinggalkeun ku kuring jeung pun bapa nu mulang mun keur aya ongkos atawa aya bawaeun keur nu di lembur. Sakapeung mah sok kadenge rada hog-hag pun bapa sareng pun biang teh meureun keur ngamasalahkeun kahirupan nu teu aya paningkatan ti baheula teh. Nya kitu tea pun bapa nu jadi pagawe leutik di Unpas teh tara bisa nyumponan kabutuhan hirup anu sakitu beuratna jaman harita teh cenah ceuk pun biang anu sajaba ti anak-anak pituina kolot kuring teh pan ngurus anak dulur nu teu puguh arang ujur kolotna si Didin anak pun bibi adi bapa, si Ence anak pun bibi adi pun biang, jeung si Dedi anak pun paman adi pun biang sadayana diurus ku pun biang padahal lamun ninggali kayaan kolot boro-boro keur ngurusanan maranehna keur anak-anakna wae jauh ti cukup tapi da nya kitu rek kusaha deui meureun maranehna diurus mun lain ku pun biang. Anu dua mah geus baleunghar meureun da si Didin mah taya beja taya carita ti saprak nginjeum duit ka adi kuring nu pangais bungsu sapuluh juta pleng we taya raratanana, si Ence mah geus lumayan cenah kahirupanana da geus boga imah di kota, tinggal si Dedi nu can kitu kieu teh can nincak mangsana meureun masih keneh nutur-nutur pun biang nu ayeuna nganjrek di pun adi nu bungsu nu kabeneran jadi PNS di Puskesmas di daerah deukeut Taman Pramuka.
Harita poe Jumaah, teu pupuguh Teti budak kelas tilu saluhureun kuring sakelas nyampeurkeun kuring nu keur nyorangan hareupeun Masjid puguh we kuring rada ratug da puguh kuring teh boga rasa kamanehna lamun seug can boga Euis meureun kumaha engke we sanajan saluhureun oge dan asih mah moal panca kaki sugan, ceuk gerentes hate kuring harita; “rek naon anu geulis nyampeurkeun ka Aa anu kasep” dina hate rada cunihin. Sanggeus deukeut kuring teu bisa ngomong harewos Teti nu nampeu kana ceuli kenca ngusik asih nu kapendem; “Wan, Teti nambut buku”, pokna teh. Kuring masih hareugeueeun can bisa ngajawab, ret ka Teti nu keur imut meni ngirut pisan, ras inget ka Euis nu keur ngumbahan wadah urut bieu dahar duaan, Teti ngajanteng make sweeter beureum bari semu geugeut neuteup kuring. “Hei waler”, ceuk Teti ngahudang lamunan. “Oh muhun, mangga-mangga”, tembal kuring bari can nyaho buku naon nu rek diinjeum ku Teti teh. “Ke uih sakola we urang patepang di gerbang STPDN”, ceuk kuring bari nunjuk ka palebah Gedong STPDN nu aya di sagigireun Sakola kuring di Jl. Ir.H.Juanda Dago Bandung. “Mangga nuhun”, ceuk Teti nu teu kebat tuluy ngaleos muru ka jero Masjid.
Teu kapalire iraha jolna Euis geus aya tukangeun, “rek naon tepang di gerbang STPDN?”, Euis nanya rada teugeug tara-tara ti sasari, bari rada reuwas kuring ngajawab; “teh Teti seja nambut buku ti Iwan, disanggakeunana engke uih sakola di payuneun STPDN”. “Naha bet kudu engke, jeung guku naon nu diinjeumna?”. Kuring teu bisa ngajawab, jol Supriyatna budak kelas dua B nyampeurkeun, plong rarasaan teh ngemplong asa aya nu nulungan kuring nu keur kagencet masalah. “Wan, tulungan urang euy, pang mapagkeun adi urang di sakolana tuluy anteurkeun ka GOR Pajajaran”, “ari Yayat, pan karek ge jam istirahat”, tembal kuring rada mentegeg ngadenge Yayat ngomong kuring kudu mapagkeun adina nu awewe sieun Euis apaleun yen kuring teh keur hahadean jeuang adina anu masih keneh sakola di SMPN 12 Bandung kelas dua. “Heueuh engke balik sakola, urang rek men volly heula”, Supriyatna negeskeun bari ngalungkeun konci motor. Ret katukang Euis noyod asup ka kelas semu anu rada lumpat.
Siga nu ngahaja di kelas Euis diuk pangjuruna dina bangku tempat kurig diuk, Kardiah nu nyorangkeun kuring ti tempat diuk panghareupna mere tanda bari ngomong ngaharewos, “ upahan Euis tuh ngambek ka didinya”. Teu malire deui ka Kardiah tuluy kuring nyampeurkeun Euis bari rada ditangkeup, “Euis, sayang bebene Aa nu pang geulisna tong ambek geulis, Aa teu aya hubungan nanaon sareng Teti pirakadar ge nambutkeun buku da moal matak ngirangan kacinta Aa ka Euis”, ceuk kuring rada ngarayu bubuhan rada pinter kana ngarayu mah. Unggal aya masalah jeung kabogoh teu ieuh papanjangan teu weleh beres ku cara dirayu jeung dirangkul bari sok rada ngawanikeun maneh nyium taarna.
Ti harita kuring sok rada ati-ati mun rek nepungan atawa jangjian jeung Teti, dasar urat salingkuhna kuat meureun nya tara kapanggih ku duanana oge boh keur paduduaan jeung Teti atawa keur paduduaan jeung Euis. Pon kitu deui hubungan kuring jeung adina Supriyatna tara ieuh aya nu nepikeun ka duanana, “naha bet kieu, kuring teh padahal kuring teh jalma teu boga tapi kana urusan cinta meni rasa mokaha”, ceuk kuring ngarentes mun ras inget kana lalampahan kuring ti baheula nepi ka ayeuna geus kelas tilu, nu sababaraha bulan deui ge bakal rengse sakola teh. Keur ngeunah-ngeunah ngalamun bari semu ujub, ria, jeung takabur (da kitu ari ngalamun mah tara kagok kuring mah), plak tonggong aya nu nenggeul ku buku tarik pisan, barang direret Euis pujaan hatiku ngabedega bari cirambay, raray geuneuk, biwirna ngageleter nahan kaambek bari teu kungsi nyarios manehna ngalungkeun buku kana beungeut kuring tuluy lumpat bari ngahinghing ceurik. Kuring teu bisa nyarita meunang sakedapan ngahuleng ngaraga meneng, aya naon Euis bet siga kitu ka kuring nu salila ieu sakitu hormatna ka kuring, siga nu ambek kacida.
Ampir tilu poe manehna teu asup sakola cenah ceuk Kardiah jeung ceuk babaturan nu sejen Euis gering, “Wan, urang nempo Euis yu!”, ceuk Cucu bari nyampeurkeun. Kuring teu bisa ngajawab ngahuleng ceuk gerentes hate, mun kuring indit ka nempo Euis ka imahna kumaha mun kolotna Euis apaleun yen geringna Euis teh alatan kuring? Sabab tilu poe katukang basa Euis neunggeulkeun buku kana tonggong kuring teh sihoreng nembongkeun surat kuring anu keur adina si Yayat nu can kungsi kaanteurkeun, sedengkeun buku Matematika anu dipake panyimpen eta surat diinjeum ku Euis di bawa ka imahna bubuhan harita Euis teu kungsi nulis salah sahiji materi ajarna, malah mah eta surat teh di foto copi di gedekeun ukuran kertas A3 ku Euis teh. “Angger kamu mah ari sok ngalamun teh”, ceuk Kardiah semu ngegebah. Kuring teu bisa mikir jeung teu bisa mutuskeun kudu kumaha lampah kuring nu hade kahareupna supaya Euis ulah kanyenyerian ku kuring. Kuring teu kungsi nempo ka Euis lantaran harita teh kuring kudu ngawakilan Sakola dina kagiatan LDKS di Taman Pramuka duaan jeung Kang Nandang nu kiwari jadi Kepala Sekolah SMP Darul Hikam harita mantena ngajabat Mitratama (ketua OSIS), kuringa Mitramuda-na (Wakil-na).
Pun biang mah apaleun hubungan kuring jeung Euis, da mun pareng mulang ka lembur sok curhat bari dibandungan daria pisan ku pun biang, sakapeung sok siga nu reueus ka Euis teh. “Ibu mah hoyong tepang jeung Euis teh, meni kacida nyaahna geuning ka anak ibu”, saur pun biang. Tapi teu kungsi diamprokeun jeung kolot katut adi-adi kuring da puguh rek kumaha nepungkeunana boro-boro keur mawa Euis ka lembur dalah keur ongkos sorangan oge sok kadang-kadang kurang, malah sok ngahaja menta ka pun aki almarhum sakalieun keur ongkos balik deui ka Bandung teh. Jaba ti kitu kagiatan di sakola estuning tara aya waktu keur ngahajakeun mulang ka lembur teh, da kuring kaitung aktif di sakola teh timimiti eskul olah raga, pramuka, pangajian, les bahasa inggris, jeung pangajian diiluan pokona mah anu haratis-haratis pasti diiluan jadi ampir unggal minggu tara bisa mulang ka lembur mun kabeneran suwung kagiatan kakara mulang tapi can kaparengkeun pok ngajak Euis ulin ka lembur.
Salila opat bulan PPL di daerah Pacet kuring ngan kungsi panggih dua kali jeung Euis, da malar teu sakelompok jeung tempatna oge pajauh aya kana lima kilona ka tempat Euis teh, basa panggih ge teu kungsi ubral-obrol nanaon da Euis masih ambek meureun ka kuring atuh kuring bingung pilampaheun jeung naon piomongeun nu pantes keur ngalempengkeun deui hubungan nu geus bengkok alatan kuring gagabah jeung sagawayah. Beres PPL di luar kota kuring kudu neruskeun PPL di lingkungan nu deukeut jeung sakola, nya kuring kabagean di SD Coblong. Harita poe saptu kuring keur ngalatih Pramuka bari diuk sisi lapang kuring ngawani-wani maneh nanya ka Euis; “Euis, pami Euis masih kersa ngahampura Aa tina sagala kelapatan salami ieu, Aa seja nyarios nganjentrekeun perkawis kajantenan lima sasih kapengker”, ceuk kuring rada lumengis ameh dipercaya jeung dipikarunya ku manehna. “Mangga”, najan pondok Euis siga nu ngabageakeun. Dasar urat rahul kuring geus kandel meureun kuring harita ngejentrekeun yen surat nu kapanggih ku Euis dina buku matematika teh ngan ukur surat keur nguji rasa kacinta, kadeudeuh Euis ka kuring. Kuring nyarita siga nu enya, padahal eta surat teh bener-benr keur bebene kuring nu sejen, tetela Euis kabius deui ku kuring daek deui deukeut jeung kuring nyanding asih melak asmara jeung manehna.
Hubungan kuring jeung Teti mah bet siga nu api lain, padahal ceuk Kokom batur saangkatan nu beda kelas jeung kuring nu masih keneh katalian dulur jeung Teti, nyarita; ”Wan Teti mah dulang tinande mun didinya rek serius heug datang ka imahna deukeut Dago Pakar, yu dianteur ku Kokom”. “Ah isin, wartoskeun salam we ti Aa”, tembal kuring teu papanjangan da sakapeung sok ngarumasakeun mun kuring boga kabogoh tur nepi ka kudu reueujeungan nepi kararabi rek diparaban naon atuh pamajikan teh da nyasat jalma teu boga kuring mah.
Ti saprak Ujian Negara beres Euis ngiles duka kamana teu beja teu carita, ditatanyakeun ka babaturan nu sejen utamana ka Kardiah jeung Cucu sobat dalitna teu arapaleun duka teuing ngahaja nyalindungan dimana ayana Euis ayeuna duka kumaha pokona mah hese dipentaan tulung ku kuring teh jiga nu marilu ngewa ka kuring. Harita da puguh ka sakola estuning bebas rek datang rek henteu teu jadi masalah atuh puguh hese papanggih jeung babaturan nu sejen teh. Nananyakeun alamat imahna wae hese rek ngabejaan teh, aya nu mere nyaho majarkeun teh “kuring mah ukur nyaho imahna tah didinya we, tapi teuing alamat nu puguhna mah naon da asup gang-lah”, ceuk Kartiwa babaturan lalaki nu kungsi ka imah Euis ngalongok Euis basa gering tea. Antukna kaburu kabangbalerkeun kunu lain-lain da harita teh kuring diajak ku si Yayat, jeung babaturan nu sejena ulin ka Tangkuban Parahu nuturkeun barudak sakola nu sejen ngareuah-reuah kalulusan nu geus dibuka jeung kacatet lulus kabeh ti Darul Hikam teh, atoh tapi kalimpudan bangbaluh.
Sajajalan dina motor kuring teu weleh mikiran Euis, pon kitu deui basa geus nepi ka Tangkuban Parahu nu kabayang ngan ukur Euis, komo basa nitenan hejo lempokna tatangkalan sabudeureun kawah bet rus ras asa waas, kacipta kabayang-bayang kuring keur silh kaleng leungeun geugeut pisan, Euis nangkeup tipeperket teuing ku tiris, pameunteu nampeu rakep paadu teuteup burilak soca anu cureureuleuk neuteup, biwirna semu beureum ngarenyu ngagelenyu imut nu matak ngirut, deudeuh geulis kakasih Aa, dimana anjeun ayeuna, bagja temenan pameget nu tiasa nyanding anjeun, hampura Aa nu teu boga ras-rasan ngajaheutkeun manah Euis anu sakitu daria satia ka Aa. Hampunten geulis rumaos Aa bodo teu mulangtarima kana sagala pengorbanan Euis anu taya papadana, sagala kahadean Euis salami urang sasarengan moal dipopohokeun, mugi Euis salamina aya dina panangtayungan Allah SWT.

Tinggalkan Balasan

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s